Pupuh Maskumambang

Pupuh Maskumambang

Pupuh maskumambang
Pupuh Maskumambang, ngagambarkeun  kanalangsaan,sedih  bari  genes  hate. 
       ( Menggambarkan kepedihan kesusahan, sedih sambil hati penuh kebencian ) Maskumambang diwangun ku guru Wilangan  dan  Guru  Lagu: 12-i,  6-a,  8-i,  8a 
Pupuh Maskumambang 
·         Sasmita:  kumambang, ngambang, kentir, bingbang, maskumambang 
·         Laras: nyorog 


Contoh :

Hey manusa mana kaniyaya teuing
Teu aya rasrasan
Kawula make disumpit
Naha naon dosa kula

Naha abong-abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun beurang peuting
Dirangket taya rasrasan

Duh manusa mana kaniaya teuing
teu aya rasrasan
abong ka mahluk nu laip
nyiksa henteu jeung aturan


Hé barudak kudu mikir ti leuleutik,
manéh kahutangan,
ku kolot ti barang lahir,
tepi ka ayeuna pisan.

Anu ngurus matak hésé matak pusing,
sumawon rugina,
ngan kolot anu gumati,
ngaméménan salawasna.

Maranéh téh kudu baé boga pikir,
keur mulang tarima,
ka kolot rék males asih,
di mana geus cumarita.

Mun maranéh salawasna caang pikir,
hayang tumarima,
ka kolot tuhu babakti,
tangtu manggih kasenangan.
Hulu abdi karaosna langkung nyeri
tulang asa bejad
tanduk mah pon kitu deui
taya raoskeuneunnana

Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri
pedah kabisan
tapi yaktosna mah abdi
ngan bakating kumawula

Oge margi anjeun rupina ka abdi
miwarang jeung maksa
buktina disina jurit
kalawan jeung dihatean

Pileuleuyan dunya pisah sareng abdi
moal bisa panjang
abdi ningal bumi langit
rek mulang ka kalanggengan

Anak manuk dikatepel budak jail,
jangjangna getihan,
rek hiber teu bisa usik,
duh manusa kaniaya.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pupuh Maskumambang"

Post a Comment